JANGAN MENGHARAP SEMUA SERBA DIMENGERTI

Teu kabeh hirup kaharti
Teu harti nyungseb na pikir
Ulah dipikiran teuing
Sanggakeun enggal ka Gusti
Bilih kaeunteupan daki
Ngahalangan rahmat Gusti


Lamun anu teu kaharti
Dikoer nambih kapeurih
Uteuk mah jagat nu leutik
Tangtos aya maksud Gusti
Ku urang moal kataksir
Mun pasrah nganteur kasugih

Jagat hirup blung-blong negla
Jagat uga awas  ningal
Rancana Allah jang urang
Kataksir ku panon iman
Ku uteuk boro kaudag
Bingah enggalan nyukuran

(Niskala Purbajati, hal 222 : 97 - 99)

Comments